Minggu, 15 Januari 2017

Contoh Makalah Ngeunaan Drama Dina Basa Sunda



MAKALAH NGEUNAAN DRAMA
DINA BASA SUNDA




Disusun ku :
·        Ayu Lestari
·        Fitri Astria
·        Maya Ameliasari
·        Revi Ayu
·        Tazkia Chairinnisa






SMK NEGERI 1 CIAMIS
Jln. Jend. Sudirman No.269 Telp. (0265) 771204Ciamis







A.   DEFINISI DRAMA
Dumasar wangunna sastra kabagi jadi tilu nya éta:
  1)      Prosa, basa nu digunakeunna umumna basa lancaran
2)      Puisi, basa nu digunakeunna umumna basa ugeran
3)      Drama, basa nu digunakeunna umumna kalimah langsung dina wangun paguneman

Istilah drama asalna tina basa yunani nya éta draomai hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika mimiti muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel. Istilah éta dibawa ku urang walanda, dina basa Walanda drama téh toneel nu hartina pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi Sandiwara. Sandiwara asalan tna basa Jawa, sandi hartina symbol atawa rusiah, wara/ warah miboga harti pangajaran. Jadi sacara etimologis mah sandiwara téh pangajaran tina symbol-simbol nu sipatna rahasiah. Aya deui istilah séjénna nu padeukeut jeung drama nya éta teater. Teater asalna tina kecap theatron nu hartina tempat pintonan/panggung. Istilah teater ogé digunakeun pikeun nyebut drama modern.
Drama téh kasenian nu mindocipta maksudna aya dua kali prosés. Kahiji ayana nasakah drama, kadua éta naskah téh dipintonkeun. Nu ngalaksanakeun pintonan drama téh actor/aktris/palaku nu baris merankeun karakter nu aya dina drama, hartina maranéhna ngalakukeun acting. Kusabab ngalakukeun acting tangtu mikabutuh dialog/paguneman, ari dialog téh wangunna kalimah langsung.

Wangenan drama numutkeun sababaraha ahli diantarana:
a)      Moulton nétélakeun yén drama téh mangrupa kahirupan nu di"gambarkeun ku gerak.
b)      Brander Mathews nétélakeun yén drama nya éta  konflik tina sifat manusa anu mangrupa sumber poko drama.
c)      Balthazar Verhagen ngébréhkeun yén drama mangrupa kasenian anu ngagambarkeun sifat jeung  sikep manusa ku  gerak.
d)     Iskanarwassid (1996: 32)  ngébréhkeun yén carita drama nya éta karangan sastra anu medar hiji carita atawa lakon ngaliwatan dialog anu diperankeun ku para pamaén (aktor) dina hiji pagelaran.

Dumasar kana sababaraha definisi drama di luhur bisa dicindekkeun yén drama nya éta lalakon  kahirupan manusa anu dipagelarkeun dina hiji panggung ngaliwatan media dialog, gerak, jeung tingkah laku dumasar naskah tinulis (minangka hasil sastra) kalayan maké musik, kakawihan, atawa tarian anu bisa disaksikeun ku panongton.

B.    JENIS-JENIS DRAMA

Aya sababaraha rupi drama gumantung ti dasar anu dipakena. Dina wangun pamerean rupi drama,biasana dipake 3 dasar, Nyaeta : dumasar penyajian carita drama,dumasar sarana,sarta dumasar ayana naskah drama kasebat.



a.    Dumasar panyajian carita,drama tiasa dibedakeun jadi 8 rupi,antawisna:

1.      Tragedi: drama anu nyaritakeun ngeunaan kahanjelu.
2.      Komedi: drama anunyaritakeunngeunaankomedianu caos kalawan kelucuan.
3.      Tragekomedi: perpaduan antawis carita drama tragedi sarta komedi.
4.      Opera: drama anu dialogna ku cara dinyanyikeun sarta dipirig musik.
5.      Melodrama: drama anu dialogna diucapkeun sarta kalawan dipirig musik.
6.      Farce: drama anu nyarupaan dagelan,nanging henteu sapinuhna drama kasebat dagelan.
7.      Tablo: rupi drama anu langkung ngutamakeun unggut,para pamaen na henteu ngedalkeun hiji dialog,nanging kalawan ngalakukeun sagala rupa gerakan.
8.      Sendratari: gabungan antawis seni drama sarta seni ibing.

b.   Dumasar ti sarana pementasannya ,pamerean rupi drama antawis lain:

1. Drama Panggung: drama anu sapinuhna dicoo dipanggung.
2.      Drama Radio: drama radio henteu sepertos biasana. Drama ieu henteu tiasa ditingali,tepai ngan tiasa dikupingkeun ku penikmatnya wae kalawan ngaliwatan radio.
3.      Drama Televisi: ampir sami kalawan drama panggung,nanging drama televisi henteu tiasa dicabak.
4.      Drama Film: drama pilem ngagunakeun media layar rubak sarta biasana dipertunjukkeun di bioskop.
5.      Drama Wayang: drama anu dipirig kalawan pagelaran wayang.
6.      Drama Boneka: para inohong drama henteu dicoo ku aktor jalmi nyaan,nanging digambarkeun kalawan boneka anu dicoo sababaraha jalmi.

C.Rupi drama dumasar aya atawa henteu na naskah drama. Pamerean rupi drama
dumasar aya henteu na naskah drama antawis sanes :

1.      Drama Tradisional: yaktos drama anu henteu ngagunakeun naskah.
2.      Drama Modern: yaktos drama anu ngagunakeun naskah.

C.     DRAMA DITILIK TINA SIPAT JEUNG CARA MINTONKEUNNANA

Drama mangrupa hiji seni nu sok disebut multiseni. Sabenerna teu kaleuleuwihi mun disebut kitu ogé. Sabab dina drama, kasampak sababaraha seni séjénna saperti seni tari, musik, dékorasi atawa arsiték jsb. Kamekaran drama Sunda teu sakolot drama nu mekar di Yunani. Drama basa Sunda dipikanyaho kira-kira dina abad ka-11 jauh pisan jeung drama Yunani nu geus aya ti abad saméméh maséhi. Geus diebutkeun yén drama téh hiji seni, nu tangtu aya niléy atawa ajén ététisna boh tina carita, tokoh , atawa artistikna.
Monolog, mangrupa salasahiji téhnik mintonkeun drama ku saurang aktor. Kiwari drama monolog geus jadi hiji hal nu biasa dipintonkeun boh dina drama modérn boh tradisional. Dina drama monolog, aktor kudu leuwih rancagé deui dina nepikeun amanat lakon nu dibawakeun ka panongton, sabab dina drama monolog tangtu aya hl-hal nu leuwih hésé tinimbang drama séjénna. Diantarana euweuh bababturan maén, sarta amanatna kudu ditepiekun ku sorangan.

D.   UNSUR-UNSUR DRAMA
        Saujratna mah, drama téh mangrupa seni kolektif. Drama mangrupa gabungan tina seni musik, seni laku, seni sora, seni tari, seni sastra sarta seni gamelan. Drama mangrupa cabang seni audio visual anu didukung ku sababaraha unsur, nya éta:
a.       Unsur ide. Unsur ide mangrupa unsur nu kacida penting dina ngamimitian hiji helaran. Ieu unsur bisa mangrupa plot carita nu ditepikeun langsung ku pamaén atawa dituliskeun ngaliwatan naskah.
b.      Unsur tempat. Tempat atau panggung bisa ngawatesaide-idkasempetan pikeun focus dina hiji tempat, nya éta panggung.
c.       Unsur penonton. Panongton boga kalungguhan nu sarua pentingna dina peméntasan hiji drama. Panongton mangrupa unsure nu sarua pentingna jeung unsure pamaén.
     
 Sajabaning ti unsure-unsur diluhur, aya ogé nu ngébréhkeun drama leuwih écés deui, nya éta:

A.    Tokoh
Tokoh nya éta salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang pikeun ngébréhkeun peristiwa atawa kajadian dina wangun plot, konflik, ide, struktur, lakon, setting sarta tema.
1.      Jenis-jenis tokoh:
A.    Protagonis, nya éta tokoh utama nu dicaritakeun dina lakon
B.     Antagonis, nya éta tokoh nu jadi lawan tina tokoh protagonis
C.     Deutragonis nya éta tokoh nu aya dipihak protagonist, tapi fungsina teu sapenting protagonis.
D.    Foil nya éta tokoh nu aya dipihak antagonis, tapi teu boga fungsi nu sapenting antagonis.
E.     Confidant nya éta tokoh nu jadi sasaran utama dina nepikeun pamadeganna protagonis atawa antagonis, éta pamadegan umumna teu bisa dipikanyaho ku tokoh séjénna.
F.      Raisonneur nya éta tokoh nu jadi alat atawa media pangarang dina nepikeun amanatna ka panongton.
G.    Utility nya éta tokoh nu miboga fungsi pikeun ngalakukeun sarupaning hal-hal leutik, saperti muka panto, ngirim surat jsb.
B.     Peristiwa
Peristiwa mangrupa salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang pikeun nepikeun watak para tokoh. Peristiwa nya éta kalakuan atawa adegan tokoh nu aya dina hiji lakon boh paguneman, boh gerak-gerik nu bisa ngarangsang tokoh séjénna sangkan nyieun hiji adegan anyar.




1.      Jenis-jenis peristiwa dina lakon:
a.Peristiwa awal nya éta peristiwa nu masih aya dina kerangka.
b.Peristiwa pertengahan  nya éta peristiwa anu boga tujuan ngamekarkeun lakon ku pertentangan antara tokoh protagonis jeung antagonis.
c. Peristiwa ahir nya éta peristiwa anu ngajelaskeun pertentangan-pertentangan serta ngahadirkeun sarupaning ajén inajén.
C.Plotnya éta hubungan hadirna peristiwa nu hiji ka peristiwa nu séjénna, atawa adegan nu hiji ka adegan nu séjénna dina hiji lakon.
D. Settingnya éta kasang tukang ngeunaan waktu kajadian atawa jaman, tempat kajadian, sarta cara hirup hiji lakon.
E. Konfliknya éta pertentangan antara dua tokoh atawa leuwih. Konflik jadi hiji kaniscayaan dina unggal lakon sabab ngadatangkeun hiji ajén tina lakon.
F.  Tema, ide, premis, gagasan
1. Tema nya èta judul aksi atawa kaayaan, nu terus jadi patokan nepikeun ka bérésna hiji lakon.
2. Ide nya èta pikiran pangarang nu dikarakteristikeun ka tokoh-tokoh.
3.  Premis nya èta pendapat / pamadegan pangarang nu disimpulkeun ngaliwatan peristiwa ahir nu aya dina lakon.
4. Gagasan nyaèta anjuran atawa ajakan pangarang ka panongton.
G.    Dialog, Monolog, Soliloqui, Aside
1. Dialog nya éta paguneman antara dua tokoh atawa leuwih.
2. Monolog nya éta lakon nu dijieun ku pangarang husus dibawakeun ku saurang aktor.
3. Soliloqui nya éta obrolan eusi hate hiji tokoh.
4. Aside nya éta obrolan hiji tokoh diantra obrolan tokoh séjénna.

E. BAGBAGAN DRAMA
A.  Saperti dina genre fiksi, dumasar kana panjang pondokna carita, drama ogé dibagi jadi dua:
1.  Drama panjang nya éta drama nu biasana kawangun tina tilu-lima babak.
2.Drama pondok nya éta drama nu diwangun dina sababak, sok disebut ogé drama sababak.
B.  Dumasar kana sifatna:
a. Komedinya éta drama nu dipungkas ku kabungahan panongton nu ngarasa dihibur, biasana dina adegan-adeganna loba adegan nu pikalucueun.
b.Tragedi, nya éta carita drama nu dipungkas ku suasana sedih. Biasana tokoh utamana ngarandapan kaayaan nu nyababkeun sedih, kuciwa, malahan nepi ka maot. Peristiwa atawa kajadian nu aya dina ieu drama disebut kajadian tragis.
c.Tragikomedi, nya éta drama nu eusina nyaritakeun suasana sedih campur bungah. Panongton kadang-kadang sedih jeung kadang-kadang bungah. Di ahir carita biasana tragis, atawa bisa ogé pikabungaheun.
d.Melodram,Ieu drama loba mintonkeun carita dina wangun patalékn, sakedik pisan dialogna.
e. Farse (farce), Drama nu sifatna ngan lelucon, tingkahlaku pamaénna karikatural, tapi tetep aya flot carita sanajan leuwih deukeut kana unsure ngabanyolna. (Racikan Sastra ).
C.     Dumasar kana pintonanna:
a.       Longsér
b.      Ubrug
c.       Topeng banjét
d.      Ronggéng gunung
e.       Jipeng
f.       Betok
g.      Gekbreng
h.      Réog Cirebon
i.        Ketoprak
j.        Wayang
k.      Tarling
l.        Sandiwara
m.    Pantomim
n.      Langenswara
o.      Drama radio
p.      Gending karesmén
D.    Dumasar kana eusina:
Dumasar kana eusina, drama kabagi jadi drama prosa, puisi, sajak, kawih, sisindiran, jsb.
E.     Dumasar kana wangunna, dibedakeun jadi drama lisan jeung drama tulisan.

F.SAJARAH JEUNG KAMEKARAN  DRAMA BAHASA SUNDA

a.      Drama Tradisional
Nurutkeun para sejarahwan, drama bahasa Sunda teu sakolot drama nu mekar di Yunani. Malahan, drama anu masih primitif ogé kakara aya dina abad ka-11, saluyu jeung zaman Prahadyan Sri Jayabupati, nu kasohor Raja Sunda.  Patilasan tinulis dina basa Sunda kuno nya éta Carita Parahyangan anu ditulis dina taun 1570 jeung naskah Siksa Kandang Karesian anu ditulis dina taun Saka 1440. Kira-kira  taun 1518 M, euweuh katerangan ngeunaan éta drama.
Kamekaran drama di Bali masih mertahankeun drama tradisional nu primitive, contona waé drama Calon Arang. Drama di Bali leuwih raket patalina jeung kaagamaan nya éta agama Hindu Dharma, nu sok maké topéng-topéng nu pikasieuneun jeung tarian-tarian ritual anu miboga fungsi  pikeun nolak bala. Diperkirakeun drama tradisional anu primitif di Jawa Barat teu béda jauh siga kitu, sok sanajan meureun leuwih basajan.
Dina abad ka 18 aya pangaruh sastra lisan drama jenis wayang, contona waé geus aya wayang Iilingong (klitik), asalna ti Cianjur Kp. Pasir Gombong, Desa Sukamanah, Pacet. Numutkeun sajarahna, ieu wayang Iilingong diciptakeun ku Kiddin, Kamin jeung Rati, tilu jalma urang Bali anu jadi buron tug lumpat ka Cianjur. Mimiti dijieunna tina seludang mayang, satuluyna Dalem Wiratanudatar ka III anu jadi Bupati Cianjur ka irut ku éta pintonan sarta tuluy ngahadiahkeun tilu lambar kulit munding pikeun dijieun wayang. Dina mintonkeunnana, maké sasajén jeung dibarengan  ku rajah nalika bubukana. Diantara lakonna nya éta: Tambakan, Dermada, Wanda Girl, Mupu Kembang, Tigasan, Sinduraja, jeung Sandekala (husus pikeun ruatan).
Salian ti wayang Iilingong, drama tradisional anu mekar sabada abad ka 18 leuwih loba deui. Drama téh sifatna konvensional dina tradisi lisan, jenisna nya éta Ubrug, anu mekar di Banten jeung Tangerang, Longsér nu mekar di daérah Bandung, Topéng Cisalak mekar di daerah perbatasan Bogor-Jakarta, Ronggéng Gunung ti Pangandaran (Ciamis), Jipeng, Betok sarta Gekbreng ti Sukabumi, Topeng Banjét mekar di Karawang, Bekasi nepi ka Indramayu. Di Cirebon aya Topéng Cirebon jeung Réog Cirebon nu satuluyna muncul Tarling di Indramayu.

b.      Kamekaran Drama Semi Tradisional
Di Indonesia mekar sajenis drama anyar minangka  pangaruh ti drama Barat anu disebut komidi stambul. Drama anyar ieu téh disebut ogé sandiwara atawa tunil. Tunil nya éta pangaruh ti seni drama basa Walanda “toneel”. Sandiwara sunda dina awal abad dua puluhan geus kagolong drama transisional alatan sok sanajan make text-play tapi geus meunang ngaropéa. Salian ti ayana script pikeun pedoman, ogé geus meunang ngasederhanakeun, contona teu maké tarian husus nalika bubuka tapi langsung kana babak  carita, unsur lawak dikurangan, iwal ti jenis komédi, selingan antara babak jeung lawak, nyanyian, tarian saperti dina longsér atawa banjét tardisional dikurangan atawa bisa ogé dileungitkeun. Peran sutradara leuwih jelas alatan script nu dijadikeun pedoman. Improvisasi anu dilakukeun ku pamaén diwatesanan.

c.       Kamekaran Drama Modern
Anu dimaksud drama modern nya éta seni drama anu geus nerapkeun cara-cara anyar, boh dina panyusunan naskah atawa dina pintonanna. Naskah anu disusun umumna geus maké patunjuk nu lengkep nya éta: dekorasi panggung, gerak pamaén, jeung operasional kalengkepan pementasan. Jadi, ieu pintonan geus husus maké pedoman text-play, dilakukeun di teater tertutup, durasi waktuna leuwih sakeudeung.
Numutkeun Tedi Muhtadin, dosen di UNPAD Bandung, taun 1923 bisa dianggap minangka tonggak lahirna drama anu tinulis éta, alatan dina taun éta lahir hiji naskah lakon anu judulna Lutung Kasarung karya Kartadibrata. Drama modern basa sunda anu tinulis éta, make sababaraha wangun nya éta prosa, prosa lirik tina sajak. Anu sajak utamana maké wangun pupuh, nu séjénna mangrupa sisindiran, kawih jeung sajak. Dina pementasan drama pantun, aya nu maké puisi papantunan nya éta sajenis puisi klasik anu aya dina carita pantun. Drama nu disusun dina puisi pupuh biasa disebut gending karesmen.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

fixed; right: 0px;">