MAKALAH
NGEUNAAN DRAMA
DINA BASA SUNDA
Disusun ku :
·
Ayu Lestari
·
Fitri Astria
·
Maya
Ameliasari
·
Revi Ayu
·
Tazkia
Chairinnisa
SMK NEGERI 1
CIAMIS
Jln. Jend. Sudirman No.269 Telp. (0265) 771204Ciamis
A.
DEFINISI DRAMA
Dumasar wangunna sastra kabagi jadi tilu nya éta:
1) Prosa, basa nu digunakeunna umumna basa
lancaran
2) Puisi, basa nu digunakeunna umumna
basa ugeran
3) Drama, basa nu digunakeunna umumna
kalimah langsung dina wangun paguneman
Istilah drama asalna tina basa yunani nya
éta draomai hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika
mimiti muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel. Istilah
éta dibawa ku urang walanda, dina basa Walanda drama téh toneel nu hartina
pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi Sandiwara.
Sandiwara asalan tna basa Jawa, sandi hartina symbol atawa rusiah, wara/ warah
miboga harti pangajaran. Jadi sacara etimologis mah sandiwara téh pangajaran
tina symbol-simbol nu sipatna rahasiah. Aya deui istilah séjénna nu padeukeut
jeung drama nya éta teater. Teater asalna tina kecap theatron nu
hartina tempat pintonan/panggung. Istilah teater ogé digunakeun pikeun nyebut
drama modern.
Drama téh kasenian nu mindocipta maksudna aya dua kali prosés.
Kahiji ayana nasakah drama, kadua éta naskah téh dipintonkeun. Nu
ngalaksanakeun pintonan drama téh actor/aktris/palaku nu baris merankeun
karakter nu aya dina drama, hartina maranéhna ngalakukeun acting. Kusabab
ngalakukeun acting tangtu mikabutuh dialog/paguneman, ari dialog téh wangunna
kalimah langsung.
Wangenan drama numutkeun sababaraha ahli diantarana:
a) Moulton
nétélakeun yén drama téh mangrupa kahirupan nu di"gambarkeun ku gerak.
b) Brander Mathews
nétélakeun yén drama nya éta konflik tina sifat manusa
anu mangrupa sumber poko drama.
c) Balthazar
Verhagen ngébréhkeun yén drama mangrupa kasenian anu ngagambarkeun sifat
jeung sikep manusa ku gerak.
d) Iskanarwassid (1996:
32) ngébréhkeun yén carita drama nya éta karangan sastra
anu medar hiji carita atawa lakon ngaliwatan dialog anu diperankeun ku
para pamaén (aktor) dina hiji pagelaran.
Dumasar kana sababaraha definisi drama di luhur bisa
dicindekkeun yén drama nya éta lalakon kahirupan manusa anu
dipagelarkeun dina hiji panggung ngaliwatan media dialog, gerak, jeung tingkah
laku dumasar naskah tinulis (minangka hasil sastra) kalayan maké musik,
kakawihan, atawa tarian anu bisa disaksikeun ku panongton.
B.
JENIS-JENIS DRAMA
Aya
sababaraha rupi drama gumantung ti dasar anu dipakena. Dina wangun pamerean rupi
drama,biasana dipake 3 dasar, Nyaeta : dumasar penyajian carita drama,dumasar
sarana,sarta dumasar ayana naskah drama kasebat.
a.
Dumasar panyajian carita,drama
tiasa dibedakeun jadi 8 rupi,antawisna:
1.
Tragedi: drama anu nyaritakeun
ngeunaan kahanjelu.
2.
Komedi: drama anunyaritakeunngeunaankomedianu
caos kalawan kelucuan.
3.
Tragekomedi: perpaduan antawis
carita drama tragedi sarta komedi.
4.
Opera: drama anu dialogna ku cara
dinyanyikeun sarta dipirig musik.
5.
Melodrama: drama anu dialogna
diucapkeun sarta kalawan dipirig musik.
6.
Farce: drama anu nyarupaan
dagelan,nanging henteu sapinuhna drama kasebat dagelan.
7.
Tablo: rupi drama anu langkung
ngutamakeun unggut,para pamaen na henteu ngedalkeun hiji dialog,nanging kalawan
ngalakukeun sagala rupa gerakan.
8.
Sendratari: gabungan antawis seni
drama sarta seni ibing.
b. Dumasar ti
sarana pementasannya ,pamerean rupi drama antawis lain:
1. Drama Panggung: drama anu sapinuhna dicoo dipanggung.
1. Drama Panggung: drama anu sapinuhna dicoo dipanggung.
2.
Drama Radio: drama radio henteu
sepertos biasana. Drama ieu henteu tiasa ditingali,tepai ngan tiasa
dikupingkeun ku penikmatnya wae kalawan ngaliwatan radio.
3.
Drama Televisi: ampir sami
kalawan drama panggung,nanging drama televisi henteu tiasa dicabak.
4.
Drama Film: drama pilem
ngagunakeun media layar rubak sarta biasana dipertunjukkeun di bioskop.
5.
Drama Wayang: drama anu dipirig
kalawan pagelaran wayang.
6.
Drama Boneka: para inohong drama
henteu dicoo ku aktor jalmi nyaan,nanging digambarkeun kalawan boneka anu dicoo
sababaraha jalmi.
C.Rupi drama dumasar aya atawa
henteu na naskah drama. Pamerean rupi drama
dumasar aya henteu na naskah
drama antawis sanes :
1.
Drama Tradisional: yaktos drama anu
henteu ngagunakeun naskah.
2.
Drama Modern: yaktos drama anu
ngagunakeun naskah.
C.
DRAMA DITILIK TINA SIPAT JEUNG CARA MINTONKEUNNANA
Drama
mangrupa hiji seni nu sok disebut multiseni. Sabenerna teu kaleuleuwihi mun
disebut kitu ogé. Sabab dina drama, kasampak sababaraha seni séjénna saperti
seni tari, musik, dékorasi atawa arsiték jsb. Kamekaran drama Sunda teu sakolot
drama nu mekar di Yunani. Drama basa Sunda dipikanyaho kira-kira dina abad
ka-11 jauh pisan jeung drama Yunani nu geus aya ti abad saméméh maséhi. Geus
diebutkeun yén drama téh hiji seni, nu tangtu aya niléy atawa ajén ététisna boh
tina carita, tokoh , atawa artistikna.
Monolog,
mangrupa salasahiji téhnik mintonkeun drama ku saurang aktor. Kiwari drama
monolog geus jadi hiji hal nu biasa dipintonkeun boh dina drama modérn boh
tradisional. Dina drama monolog, aktor kudu leuwih rancagé deui dina nepikeun
amanat lakon nu dibawakeun ka panongton, sabab dina drama monolog tangtu aya
hl-hal nu leuwih hésé tinimbang drama séjénna. Diantarana euweuh
bababturan maén, sarta amanatna kudu ditepiekun ku sorangan.
D. UNSUR-UNSUR DRAMA
Saujratna
mah, drama téh mangrupa seni kolektif. Drama mangrupa gabungan tina seni musik,
seni laku, seni sora, seni tari, seni sastra sarta seni gamelan. Drama mangrupa
cabang seni audio visual anu didukung ku sababaraha unsur, nya éta:
a. Unsur ide.
Unsur ide mangrupa unsur nu kacida penting dina ngamimitian hiji helaran. Ieu
unsur bisa mangrupa plot carita nu ditepikeun langsung ku pamaén atawa
dituliskeun ngaliwatan naskah.
b. Unsur
tempat. Tempat atau panggung bisa ngawatesaide-idkasempetan pikeun
focus dina hiji tempat, nya éta panggung.
c. Unsur
penonton. Panongton boga kalungguhan nu sarua pentingna dina peméntasan
hiji drama. Panongton mangrupa unsure nu sarua pentingna jeung unsure pamaén.
Sajabaning ti unsure-unsur diluhur, aya ogé nu
ngébréhkeun drama leuwih écés deui, nya éta:
A. Tokoh
Tokoh
nya éta salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang pikeun ngébréhkeun
peristiwa atawa kajadian dina wangun plot, konflik, ide, struktur, lakon,
setting sarta tema.
1. Jenis-jenis
tokoh:
A. Protagonis,
nya éta tokoh utama nu dicaritakeun dina lakon
B. Antagonis,
nya éta tokoh nu jadi lawan tina tokoh protagonis
C. Deutragonis nya
éta tokoh nu aya dipihak protagonist, tapi fungsina teu sapenting protagonis.
D. Foil nya
éta tokoh nu aya dipihak antagonis, tapi teu boga fungsi nu sapenting
antagonis.
E. Confidant
nya éta tokoh nu jadi sasaran utama dina nepikeun pamadeganna protagonis atawa
antagonis, éta pamadegan umumna teu bisa dipikanyaho ku tokoh séjénna.
F. Raisonneur nya
éta tokoh nu jadi alat atawa media pangarang dina nepikeun amanatna ka
panongton.
G. Utility nya
éta tokoh nu miboga fungsi pikeun ngalakukeun sarupaning hal-hal leutik,
saperti muka panto, ngirim surat jsb.
B. Peristiwa
Peristiwa
mangrupa salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang pikeun nepikeun
watak para tokoh. Peristiwa nya éta kalakuan atawa adegan tokoh nu aya dina
hiji lakon boh paguneman, boh gerak-gerik nu bisa ngarangsang tokoh séjénna
sangkan nyieun hiji adegan anyar.
1. Jenis-jenis
peristiwa dina lakon:
a.Peristiwa awal nya
éta peristiwa nu masih aya dina kerangka.
b.Peristiwa pertengahan nya
éta peristiwa anu boga tujuan ngamekarkeun lakon ku pertentangan antara tokoh
protagonis jeung antagonis.
c. Peristiwa ahir nya éta peristiwa anu
ngajelaskeun pertentangan-pertentangan serta ngahadirkeun sarupaning ajén
inajén.
C.Plotnya éta
hubungan hadirna peristiwa nu hiji ka peristiwa nu séjénna, atawa adegan
nu hiji ka adegan nu séjénna dina hiji lakon.
D. Settingnya éta kasang tukang ngeunaan
waktu kajadian atawa jaman, tempat kajadian, sarta cara hirup hiji lakon.
E. Konfliknya éta pertentangan antara dua
tokoh atawa leuwih. Konflik jadi hiji kaniscayaan dina unggal lakon sabab
ngadatangkeun hiji ajén tina lakon.
F. Tema, ide, premis, gagasan
1. Tema nya èta
judul aksi atawa kaayaan, nu terus jadi patokan nepikeun ka bérésna hiji lakon.
2. Ide nya
èta pikiran pangarang nu dikarakteristikeun ka tokoh-tokoh.
3. Premis nya èta pendapat /
pamadegan pangarang nu disimpulkeun ngaliwatan peristiwa ahir nu aya dina
lakon.
4. Gagasan nyaèta
anjuran atawa ajakan pangarang ka panongton.
G. Dialog,
Monolog, Soliloqui, Aside
1. Dialog nya
éta paguneman antara dua tokoh atawa leuwih.
2. Monolog nya éta lakon nu dijieun ku
pangarang husus dibawakeun ku saurang aktor.
3. Soliloqui nya
éta obrolan eusi hate hiji tokoh.
4. Aside nya
éta obrolan hiji tokoh diantra obrolan tokoh séjénna.
E. BAGBAGAN DRAMA
A. Saperti dina genre fiksi, dumasar kana
panjang pondokna carita, drama ogé dibagi jadi dua:
1. Drama
panjang nya éta drama nu biasana kawangun tina tilu-lima babak.
2.Drama
pondok nya éta drama nu diwangun dina sababak, sok
disebut ogé drama sababak.
B. Dumasar
kana sifatna:
a. Komedi, nya
éta drama nu dipungkas ku kabungahan panongton nu ngarasa dihibur, biasana dina
adegan-adeganna loba adegan nu pikalucueun.
b.Tragedi, nya
éta carita drama nu dipungkas ku suasana sedih. Biasana tokoh utamana
ngarandapan kaayaan nu nyababkeun sedih, kuciwa, malahan nepi ka maot.
Peristiwa atawa kajadian nu aya dina ieu drama disebut kajadian tragis.
c.Tragikomedi,
nya éta drama nu eusina nyaritakeun suasana sedih campur bungah. Panongton
kadang-kadang sedih jeung kadang-kadang bungah. Di ahir carita biasana tragis,
atawa bisa ogé pikabungaheun.
d.Melodram,. Ieu
drama loba mintonkeun carita dina wangun patalékn, sakedik pisan dialogna.
e. Farse (farce), Drama
nu sifatna ngan lelucon, tingkahlaku pamaénna karikatural, tapi tetep aya flot
carita sanajan leuwih deukeut kana unsure ngabanyolna. (Racikan Sastra ).
C. Dumasar kana
pintonanna:
a. Longsér
b. Ubrug
d. Ronggéng
gunung
e. Jipeng
f. Betok
g. Gekbreng
h. Réog
Cirebon
i. Ketoprak
j. Wayang
k. Tarling
l. Sandiwara
m. Pantomim
n. Langenswara
o. Drama
radio
p. Gending
karesmén
D. Dumasar
kana eusina:
Dumasar
kana eusina, drama kabagi jadi drama prosa, puisi, sajak, kawih, sisindiran,
jsb.
E. Dumasar
kana wangunna, dibedakeun jadi drama lisan jeung drama tulisan.
F.SAJARAH JEUNG KAMEKARAN DRAMA BAHASA SUNDA
a. Drama
Tradisional
Nurutkeun para
sejarahwan, drama bahasa Sunda teu sakolot drama nu mekar di Yunani. Malahan,
drama anu masih primitif ogé kakara aya dina abad ka-11,
saluyu jeung zaman Prahadyan Sri Jayabupati, nu kasohor Raja
Sunda. Patilasan tinulis dina basa Sunda kuno nya éta Carita
Parahyangan anu ditulis dina taun 1570 jeung naskah Siksa Kandang Karesian anu
ditulis dina taun Saka 1440. Kira-kira taun 1518 M, euweuh
katerangan ngeunaan éta drama.
Kamekaran drama di Bali masih
mertahankeun drama tradisional nu primitive, contona waé drama Calon Arang.
Drama di Bali leuwih raket patalina jeung kaagamaan nya éta agama Hindu Dharma,
nu sok maké topéng-topéng nu pikasieuneun jeung tarian-tarian ritual anu miboga
fungsi pikeun nolak bala. Diperkirakeun drama tradisional anu primitif
di Jawa Barat teu béda jauh siga kitu, sok sanajan meureun leuwih basajan.
Dina abad ka 18 aya pangaruh sastra
lisan drama jenis wayang, contona waé geus aya wayang Iilingong (klitik),
asalna ti Cianjur Kp. Pasir Gombong, Desa Sukamanah, Pacet. Numutkeun
sajarahna, ieu wayang Iilingong diciptakeun ku Kiddin, Kamin jeung Rati, tilu
jalma urang Bali anu jadi buron tug lumpat ka Cianjur. Mimiti dijieunna
tina seludang mayang, satuluyna Dalem Wiratanudatar ka III anu jadi
Bupati Cianjur ka irut ku éta pintonan sarta tuluy ngahadiahkeun tilu lambar
kulit munding pikeun dijieun wayang. Dina mintonkeunnana, maké sasajén jeung
dibarengan ku rajah nalika bubukana. Diantara lakonna nya éta:
Tambakan, Dermada, Wanda Girl, Mupu Kembang, Tigasan, Sinduraja, jeung Sandekala
(husus pikeun ruatan).
Salian ti wayang Iilingong, drama
tradisional anu mekar sabada abad ka 18 leuwih loba deui. Drama téh
sifatna konvensional dina tradisi lisan, jenisna nya éta Ubrug, anu mekar di
Banten jeung Tangerang, Longsér nu mekar di daérah Bandung, Topéng Cisalak
mekar di daerah perbatasan Bogor-Jakarta, Ronggéng Gunung ti Pangandaran
(Ciamis), Jipeng, Betok sarta Gekbreng ti Sukabumi, Topeng Banjét mekar di
Karawang, Bekasi nepi ka Indramayu. Di Cirebon aya Topéng Cirebon jeung Réog Cirebon
nu satuluyna muncul Tarling di Indramayu.
b. Kamekaran
Drama Semi Tradisional
Di Indonesia
mekar sajenis drama anyar minangka pangaruh ti drama Barat anu
disebut komidi stambul. Drama anyar ieu téh disebut ogé sandiwara atawa tunil.
Tunil nya éta pangaruh ti seni drama basa Walanda “toneel”. Sandiwara
sunda dina awal abad dua puluhan geus kagolong drama transisional alatan sok
sanajan make text-play tapi geus meunang ngaropéa. Salian ti ayana script
pikeun pedoman, ogé geus meunang ngasederhanakeun, contona teu maké tarian
husus nalika bubuka tapi langsung kana babak carita, unsur lawak
dikurangan, iwal ti jenis komédi, selingan antara babak jeung lawak, nyanyian,
tarian saperti dina longsér atawa banjét tardisional dikurangan atawa bisa ogé
dileungitkeun. Peran sutradara leuwih jelas alatan script nu dijadikeun
pedoman. Improvisasi anu dilakukeun ku pamaén diwatesanan.
c. Kamekaran
Drama Modern
Anu dimaksud
drama modern nya éta seni drama anu geus nerapkeun cara-cara anyar, boh dina panyusunan
naskah atawa dina pintonanna. Naskah anu disusun umumna geus maké patunjuk nu
lengkep nya éta: dekorasi panggung, gerak pamaén, jeung operasional
kalengkepan pementasan. Jadi, ieu pintonan geus husus maké
pedoman text-play, dilakukeun di teater tertutup, durasi waktuna leuwih
sakeudeung.
Numutkeun Tedi Muhtadin, dosen di
UNPAD Bandung, taun 1923 bisa dianggap minangka tonggak lahirna drama anu
tinulis éta, alatan dina taun éta lahir hiji naskah lakon anu judulna Lutung
Kasarung karya Kartadibrata. Drama modern basa sunda anu tinulis éta, make
sababaraha wangun nya éta prosa, prosa lirik tina sajak. Anu sajak utamana maké
wangun pupuh, nu séjénna mangrupa sisindiran, kawih jeung sajak. Dina
pementasan drama pantun, aya nu maké puisi papantunan nya éta sajenis puisi
klasik anu aya dina carita pantun. Drama nu disusun dina puisi pupuh biasa
disebut gending karesmen.